Connect with us

Pamekar Basa

Festival Naon keur Saha?


KIWARI Kota Tasikmalaya haget ngagelar féstival, boh nu aweuhananana lokal boh nasional. Malah nu aweuhanana nepi ka mancanagara ogé dihanca. Anyar kénéh pisan apan lumangsung Tasikmalaya Craft and Culture Festival, lian ti féstival-féstival séjén nu geus maneuh unggal taun.

Munasabah upama Kota Tasikmalaya didongdon ku para tamu, nu jadi salahsahiji cukang pikeun ngaronjatkeun kamekaran ékonomi. Malah nepi ka jadi ciri yén Kota Tasikmalaya teh kakolomkeun kota modérn. Kungsi disebut-sebut Kota Tasikmalaya, loyog mun disebut kota gede kadua sanggeus Bandung. Apan jarakna ogé jeung puseur dayeuh Jawa Barat téh kawilang deukeut.

Kungsi kacaturkeun Kota Tasikmalaya pibakaleun gaganti Bandung, minangka puseur dayeuh Provinsi Jawa Barat. Ditaksir mah sakeudeung deui ogé, baris nyusul kota gedé liana. Kamekaranana geus bisa mapakan Cirebon jeung Bogor nu lahir leuwih ti heula.

Saméméhna, Kota Tasikmalaya jadi puseur dayeuh Kabupaten Tasikmalaya. Laju jadi Kota Administratif. Saterusna, ti wangkid tanggal 21 Juni 2001 diwewegan jadi Kota, nu nyindekel kana Undang-undang No. 10 Taun 2001.

Kota Tasikmalaya katelah ogé Kota Santri, hususna di éra saméméh taun 1980-an, lantaran méh di unggal wewengkon sumebar pasantrén. Teu sirikna, di unggal désa jlug-jleg pasantrén, boh pasantrén gedé boh pasantrén leutik.

Geus jinek, kamekaran di Kota Tasikmalaya baris mincut jalma réa. Pangwangunan nu ngabelesat baris ngaronjatkeun ékonomi nu jadi lilinggeran utama salian ti dunya atikan jeung kawaluyaan. Kota Tasik bakal ngajanggélék jadi kota modéren nu satata jeung kota-kota gedé lianna.

Sanajan kitu aya nu perlu diimeutan kalawan gemet. Kamekaran jaman tinangtu baris mangaruhan ajén inajén budaya pituin urang Tasik. Aya kahariwang, alatan pangaruh budaya global anu beuki mahabu, ngadéséh budaya lokal. Lantaran, tanda-tandana natrat pisan. Lain waé titinggal budaya dina wangun material nu atra bisa dirampa tur katara, tapi budaya non material ogé réa nu kasilih.

Ku kituna, perlu tarékah pikeun mulasara budaya titinggal karuhun nu miboga ajén linuhung. Lain nu ngaréngkol dina wangun lahiriah wungkul.


Lanjutkan

KAPOL

Terkait...
1 Komentar

1 Komentar

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Pamekar Basa

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: