Connect with us

Hujan di Buruan, Sunda Pancuran Kula

Pamekar Basa

Hujan di Buruan, Sunda Pancuran Kula

 

pasanggiri-sajakPASANGGIRI ka-9 Maca Sajak Sunda Satatar Sunda tingkat SD/MI/SMP/Mts/SMA/SMK/MA di SMA Pasundan 2 Tasikmalaya, lumangsung tilu poe noron, Jumaah-Ahad (28-30/5). Najan teu katembong aya pamapag ti inohong, pasanggiri ngageuleuyeung. Nembrakkeun hojah Kang Eri Kustiaman saparakanca nu teu rongret-rongret ngahurungkeun sumanget nonoman enggoning ngobyagkeun budaya Sunda. Saujratna. Teu dijieun-jieun. Kagambar pisan dina “Hujan di Buruan”, salah sahiji sajak nu aya dina kumpulan sajak nu medal unggal Pasanggiri.

Hujan di buruan
lain cimata
tapi kakelar nu tinggarendang
na daun-daun pandan

Sajak beunang Hadi AKS teh, estuning ngawakilan suasana poe kahiji. Copelna, 70 patandang tingkat SD/MI midang ka panggung. Kayungyun, ngagalindengkeun sajak dina basa indung. Lir lagu panghalimpuna nu can kungsi dihaleuangkeu ku biduan ti mana wae oge. Lain sual teknis. Tapi spiritna nu ngagedur.

Di dieu aya keneh angin
nu ngalaong ti tungtung lembur
basa peuting beuki jauh
hate dibawa tilem laun-laun

Tetela. Sajak “Hujan di Buruan” ngawakilan pisan poe munggaran. Gumelarna pinton wewesen budaya nu remen teu katalingakeun ku para inohong nu capetang umajak nanjeurkeun budaya dina biantara-biantara. Keun wae, urang undeur hikmahna. Boa ku ayana kieu, para pajoang kabudayaan beuki ngagedur. Keur para inohong mah, urang kintun wae sajak “Bulan” karya Rahmat M. Sas Karana.

Teuteup ka langit
ka bulan bunder keur imut
bentang rapang sidengdang di langit lenglang
Barudak ulin di buruan

‘Na beungeut bulan nu ngempur koneng
aya kalangkang ngelemeng hideung
Nini Anteh jongjon muter-muter kincir
ngawiletan kanteh tinuneun
kapasna mega nu bodas.

Adumanis pisan, lamun ieu sajak diteuleuman ku jalma nu sok ngembarakeun jangji, tapi dina emprona catur taya bukur.

Upama ninun geus parat, Nini
turun ka dunya bawa lawon masing loba
jang budak nu keur gobag ditaranjang
sing walatra bagi sabajueun sewang

Ieu sajak impresif Rahmat M. Sas Karana teh, singhoreng bisa disurahan jadi kritik anu peureus. Bisa enya, bisa henteu. Da ieu mah ngan saukur tapsir. Keun wae minangka tarekah pikeun silih elingan. Nu leuwih penting mah rek dirojong atawa henteu, kasenian kudu terus ngalalakon. Kawas spirit sajak “Sunda” (Eddy D. Iskandar).

Pancuran, pancuran kula
walungan, walungan kula
lautan-lautan kula

cikahuripan
awaking

Tangkal bagja tangkal tengtrem
daun hirup daun hurip
sawah deudeuh sawah nyaah

sukma waluya
sukma ngajega

Taneuh maneuh taneuh galeuh
jeg ajeg tohaga raga
dicangcang ku sora degung
ditenung ku sora degung
dielingan cianjuran

hung ahung
nganteng na jajantung

Diwewegan ku “Du’a” (Sajak karya Risnawati): … Gusti, papaesan ieu raga / ku endahna ahlak mulya / jeung lengkah nu ngawirahma / sangkan diasih sasama / sangkan hirup nyanding bagja // Gusti, ieu hate, ieu rasa, ieu raga / kuring teu ngaboga-boga.

Teu cukup ku du’a wungkul, tapi kudu dibarengan ku ihtiar demi nanjeurna “Sarakan Urang” (sajak Ino Misno):

Mangkade
Gancang geura nguniang
Ulah tibra sare
Bisi ku semah kapepende.

Continue Reading
Advertisement
1 Comment

1 Comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top