Connect with us

Buku

Ngabungbang: Adumanis Sajak Lirik jeung Epik


 

under-love-treeDALAPAN puluh hiji sajak ditamperkeun ku Nazarudin Azhar dina buku antologi “Ngabungbang”. Nu maca baris diajak ngangkleung nuturkeun wirahma kecap nu dianggit tapis naker. Ngedalkeun rasa panyajak, nu karékam tina lalampahan. Simpé najan ngageuri, ditembrakkeun kalawan éndah. Malah ngajaul jadi palasipah nu nyosok jero.

di juru kafé, salsé pisan
jarum jam ngarajah salikur ngaran
dina harigu pasir umyang
wanoja nu anteng ngulinkeun léokna angin
dina rohang nu asa beuki karancang

sababaraha potrét sunsét
kaéndahan nu dibekukeun sangkan lana
midangkeun éstétika nu sabenerna fana
jadi lawang larsupna detik
nu nyampurnakeun sora
biduan jazz nu kadéngéna dareuda

(Kaéndahan, kaca 70)

Salah sahiji sajak nu impresif matak mincut, ngaranggeum suasana hiji tempat tur ngajanggélék jadi fragmén weuteuh. Dina éta sajak aya ‘manéhna’ nu dicaritakeun. Manéhna nu gandrung, nyieun tapak kahirupan nu teu weléh pageuh nyekel rusiah. Ajeg najan hirup ditalikung rereged. Haté janglar bari nguyup sacangkir anggur.

Éta sajak jeung 30 sajak lianna aya dina bagéan kadua, nu dijejeran Dengkleung (kaca 65-106). Ari 50 sajak séjénna aya dina bagéan kahiji, dijejeran luyu jeung judul bukuna, Ngabungbang (kaca 11-61).

Ngabungbang jeung Dengkleung, lian ti jadi jejer bab dina kumpulan sajak, ogé kaasup sajak petingan dina éta buku. Malah, mun seug gemet disurahan mah — bisa jadi — ngawakilan kereteging panyajak.

Sajak Ngabungbang, ngajak nyaring lain waé dina harti nu saujratna. Tapi umajak pikeun ngawisik diri. Mairan gerentes haté sorangan / genah medar nu karuhan / nguculkeun nu teu payaan.

….
dina jandéla kaca sajeungkal
maluter cahyaning akal
lulurung manjang ka siklukna panyabaan
mulang reureuh rébo ku rasa leungiteun
barieukeun nénjo pamulu injeuman
ari nu karampa bet teu diceurik-seurikeun
teu disina nyorang leuweung eunteung

(Ngabungbang, kaca 33)

Ngabungbang dileupaskeun tina ugeran adat anu ilahar. Tapi dilegaan hartina ku panyajak. Nyaring tengah peuting mangsana bulan purnama ngan ukur bisa dipilampah sabulan sakali. Ngabungbang dina éta sajak mah bisa dilarapkeun peuting iraha waé, kawas nu ditandeskeun dina dua padalisan panungtung:

….
ngabungbang handapeun lampu baranang
mulut bulan tina lolongkrang kahéman.

Adek pisan jeung suasana kiwari. Kota anu sibuk, pinuh ku jalma nu lalunta. Hirup kumbuh nu dikepung ku modérnisme, kalan-kalan teu méré lolongkrang pikeun reureuh. Nepi ka teu bisa ngarampa haté sorangan. Lantaran, jalma-jalma geus katalikung ku gaya hirup kota anu motah. Malah, cék éta sajak, barieukeun nénjo pamulu injeuman. Saha nu bisa dipercaya, lantaran jalma geus kalimpudan curiga jeung kacangcaya. Haté jadi cebrék, ilang rasa, taya deui nu bisa diceurik-seurikeun. Lantaran, lolongkrang pikeun ngawisik diri kacida heureutna. Tapi, panyajak gedé harepan sarta umajak pikeun reureuh sajongjonan bari mulut bulan tina lolongkrang kahéman.

Upama sajak ngabungbang jadi panginditan. Diwewegan ku Sajak Dengkleung. Satutasna nyaring tina kondisi anu sarwa ratri atawa poék, ngolébat lir kingkilaban, sakilat nyésakeun peteng (Ratri, kaca 57). Laju nyaring. Geus nyaring tinggal ngeukeuhan, tetep ajeg, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan. Tatag pisan ditembrakkeun dina sajak Dengkleung (kaca 67).

ajeg nangtung dina jojontor karang
ngayonan naon nu rék dikadarkeun
satékah polah
jadi tangkal nu pengkuh
ti saprak dijurung régang
mesat akar dina lemah panuduhan angin

Lamun sajak Ngabungbang jeung Dengkleung diréndéngkeun. Tur dibaca patema-tema. Asana téh kawas nu silih pairan. Ngabungnbang minangka titik pangbalikan, ngaleupaskeun karep tina kepungan petengna kahirupan. Nyaring. Sanggeus ngeueum sirah dina ombak / karasa aya nu leyur dina pikiran / puyer nu keur ngayonan jangar / tapi taya obat nu ngarambah awak poé ieu / geus teu hayang dikadalian ku kasakit lahiriah / jiga karéréaan jalma nu teu payaan / humaregung di rohang panunggon / dibakutet kuciwa lantaran réa jadwal / nu teu bisa dihaminan.

Sajak Dengkleung, karasa nyesegan sajak Ngabungbang. Matak pantes lamun ku nu ngarangna jadi jontrot pikeun jadi jejer bab papasingan kumpulan sajak. Copélna, éta sajak Dengkleung ngawanti-wanti ka nu geus harudang tur cangra pikir, sangkan teu tigebrus deui ka wahangan hirup anu peteng. Kudu noyod, leumpang dina jalan bebeneran, adumanis dina dengkleung lagu teuneung, bari teu kagoda ku gurilapna kahirupan. Lantaran, réa warna nu karancang. Unggal beurang jeung peuting ajeg nangtung dina jojontor karang, jadi tangkal anu pengkuh.

Ditilik tina wangun, kumpulan sajak Ngabungbang kaasup anu sampulur. Aya anu pondok, aya nu panjang. Sajak pangpondokna diwangun ku dua jajar, sajak Ratri (kaca 57). Aya ogé nu ngan tilu jajar, sajak Geter (kaca 48). Umumna sajak-sajak dina bab Ngabungbang mah, ditilik tina panjang-pondokna kaasup ilahar. Kawilang pangpanjangna teh sajak Rarakitan (kaca 11), diwangun ku tujuh pada, kabéhna aya 28 padalisan.

Dina kumpulan sajak bagéan anu kahiji, umumna mah deuih sajak lirik nu namperkeun impresi. Najan aya nu ngaharib-harib kana epik, tapi teu pati nenggel kawas dina kumpulan puisi anu kadua, Dengkleung. Dina Dengkleung mah, sajak epik atawa anu ngalalakon téh karasa pisan diébréhkeun ku panyajak. Upamana waé Sandékala (kaca 86), Bal Cahaya (kaca 90), Dina Tiara Kusumawardhani (97). Méh kabéh puisi dina bagéan kadua mah ngalalakon, malah aya nu semu réportase sagala, ngalaporkeun kajadian nu kaalaman ku jalma-jalma, di antarana dina sajak Sanggeus Durukan Pareum (kaca 65), Kampung Naga (73), Kembang Silalatu (kaca 77), jeung nu lianna.

Teu kabéh sajak dina antologi Ngabungbang diguar di ieu rohang. Ieu mah minangka panganteur sausap saulas. Babalagonjangan waé, minangka pangbagéa, ngilu bungah. Lantaran kasusastraan Sunda kawilang obyag nepi ka kiwari. ***

Bumi Resik Panglayungan
11 September 2012


3 Komentar

3 Komentar

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Buku

Terhangat

BÉDA rasa, kecap 'nangtung', 'dahar', saméméh dianteur ku kecap 'jung' jeung 'am'. Kecap anteuran ngagambarkeun mimiti migawé. Kecap 'dahar' bisa waé ditapsirkeun eukeur atawa geus dahar. Tapi mun 'am dahar', nu kacipta téh ngamimitian ngahuap. Sarua jeung trét nulis. #preposisi

About 14 hours ago from Duddy RS | Solilokui's Twitter via Twitter for Android

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: