Connect with us

Pamekar Basa

Ngaréngkolkeun Aksara Sunda


KIPRAH Pelajar Sadar Budaya Mandiri (Plasabumi) salah satu organ Baju Kopral Ciamis.

KETAK Pelajar Sadar Budaya Mandiri (Plasabumi) salah sahiji organ Baju Kopral Ciamis.

AKSARA Sunda nogéncang. Apan, kiwari mah geus tara diparaké, naha bet kudu dihudangkeun deui? Sual fungsina kiwari ragot dipadungdengkeun.

Teu ngabibisani, urang Sunda sorangan geus ninggalkeun aksara Sunda kuno, nu kungsi dipaké ku karuhunna. Dina prasasti Kawali di Ciamis, kapanggih aya tulisan dina wangun aksara Sunda kuno, kira-kira abad ka-7. Pon kitu deui aksara Sunda nembrak dina sawatara naskah-naskah anu ditulis dina lontar.

Eta bukti-bukti mangsa lawas téh nuduhkeun, urang Sunda kungsi boga aksara, tur hirup dina mangsana. Kabéhdieunakeun, kadéséh ku aksara-aksara séjén. Cacarakan, upamana nerekab di kalangan ménak basa Mataram ngaéréh urang Sunda. Pon kitu deui, aksara pégon. Lambang sora Arab nu diunikeun basa Sunda.

Boh Cacarakan, boh Pegon, kabéhdieunakeun beuki nyirorot. Sanggeus kaéréd ku bangsa Eropa, aksara nu hirup ngised kana aksara latén. Tug nepi ka kiwari, éta aksara latén téh hirup, bubuhan diparaké téa. Ari aksara kuno mah, cohagna bisa disebut sakarat, da ditaringgalkeun ku urang Sunda kiwari. Kondisi pikalewangeun kawas kitu téh, jadi panginditan para filolog (ahli naskah kuno) pikeun ngahudangkeun deui aksara Sunda nu kungsi ditulis dina Prasasti Kawali.

“Ieu tarékah téh, lain kakara kamari dilakonan, tapi ti béh ditu kénéh. Nepi ka antukna diwewegan ku Perda Provinsi Jawa Barat,” ceuk Dr. Undang Ahmad Darsa, M.Hum, filolog ti Unpad.

Dihaminan ku Dr. Tedi Permadi, M.Hum, ti UPI Bandung. Tedi geus nalungtik, wangun-wangun aksara Sunda dina sababaraha naskah. Di dinya katembong aya ragam (variasi) aksara. “Tangtuna, urang kudu bisa nangtukeun aksara nu dianggap pakem tur diaku ku saréréa,” pokna basa Seminar anu jejerna Standardisasi Aksara Sunda pikeun Unicode, di Ruang Serba Guna Unpad, Senen (26/5/2009).

Lian ti Undang jeung Tedi, nu jadi pangjejer nya éta pangarang Sunda, Dadan Sutisna jeung Harja Santana Purba, Dosen FKIP Unilam, Banjarmasin. Duanana, nyodorkeun kamandangna, yen pikeun eksistensi urang Sunda, aksara kuno perlu dihudangkeun deui.

Keun wae sual fungsi mah, da éta mah bisa diwewegan ku jalan diémbarkeun, tur ngajak sangkan urang Sunda daék diajar. Saheulaanan mah wewegan heula eksisténsina.


Pamekar Basa

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: