Connect with us

Pamekar Basa

Paramasastra, Titincakan Tatabasa


engleski_gramatika_tabfullKU pangaruh rupa-rupa hal, basa Sunda di sababaraha tempat atawa wewengkon loba nu ngabogaan wanda sorangan, nu teu saules jeung basa umum, basa lulugu téa. Anu kitu disebutna basa wewengkon (dialék). Kitu deui lentongna, pada ngabarogaan lentong sorangan.

Basa téh kedalna rasa. Boh tulisan boh lisan nu ngandung harti, pikeun nepikeun angen-angen ka nu séjén. Basa jadi alat pikeun nepikeun gerentes haté. Ku kituna, basa téh kacida pentingna.

Pangaruh basa dina hirup kumbuh kacida gedéna, teu bisa dilalaworakeun. Ku basa, nu hésé bisa jadi gampang, nu korét bisa jadi balabah, nu gakang bisa jadi bageur, nu ambek bisa jadi leler, nu bodo bisa jadi pinter.

Kitu sotéh mun bener metakeunana, tapis ngaracikna, bérés éntép seureuhna, dibarengan ku alus anggah-ungguhna, dipirig ku budi manis, sopan santun nu luyu kana kuduna.

Sabalikna, mun salah carana ngolah, loba nu tijalikeuh, cilaka lantaran basa. Teu kurang-kurang nu cilaka lantaran salah ucap. Mana aya saur sepuh, “hadé ku omong goréng ku omong” atawa “hadé ku basa goréng ku basa”.

Éta sababna anu matak urang perlu nyaho kana unak-anik basa, sabutuhna ulah nepi ka poékeun teuing. Sabisa-bisa basa anu mangrupa tulisan ogé sing cara basa lisan. Tegesna lamun dibaca, boh lentongna boh randegan wirahmana sing cara dina basa lisan.

Pikeun ngudag ieu tujuan, ku padika para ahli nya rinéka ciri bacaan. Kitu deui tata carana nuliskeun basa diatur kumaha kuduna, ulah gagabah sagawayah. Lebah dieu, perluna ulikan paramasastra, gramatika atawa patokan basa anu hadé.

(Sadkar: Paramasastra)


1 Komentar

1 Komentar

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Pamekar Basa

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: