Connect with us

Pamekar Basa

Perkara Hitut


courtesy 123rf.com

courtesy 123rf.com

TEU salah-salah teuing mun aya nu pirajeunan nataan perkara hitut téh. Malah, wakca baé. Bisa diundeur hikmahna. Sok geura imeutan. Lamun ku urang diwisik kalawan gemet. Nu ngarana kokotor kaluarna téh palebah awak bagéan tengah nu hara-haraeun. Boh hareupna, boh tukangna.

Ari hitut — tangtuna ogé — kaluar ti béh tukang. Da lamun, kaluarna ti nu bagéan hareup mah pamohalan. Lantaran, séwang-séwangan geus boga pancén. Nu hareup mah urusanana jeung séksi pengairan. Apan nu kaluarna ogé sarupaning anu aya tumalina jeung cai. Sual hangseur jeung henteu, éta mah kumaha kadaharan nu asup kana beuteung. Teu béda jauh jeung hitut, bauna ogé dipanta-panta, luyu jeung kadaharan nu diasupkeun kana garba urang.

Sakapeung, sok aya kasalahan téhnis. Bagéan pengairan dina beuteung urang sok pipilueun ka bagéan “tukang”. Tanda-tandana bisa katohyan, lamun urang keur muncrut. Apan, sok campur jeung cai geuning. Atuh keur ngaheujeun ogé sok rada hariwang. Gandéng. Prat-prét-prot! Mun ngalaman kawas kitu, kudu gancang bagéan “hareup” diélingan. Ku jalan ngutus Oralit kana jero beuteung urang. Teu rék kitu kumaha, lamun cai dina awak urang kaluar babarengan jeung kokotor nu di tukang, cenah cairan dina awak urang ogé kasedot loba pisan. Gaganti éta cairan, bisa diungkulan saheulaanan ku oralit.

Jigana mun dipapandékeun jeung kaayaan bangsa urang. Eta bagéan hareup jeung tukang téh, ngaharib-harib kana tugas Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK), meureun, nya? Merejelkeun kabeh kokotor nu nyaliara dina awak. Jadi, mun dilenyepan mah geuning, imbit jeung ‘barang’ larangan (boh nu lalaki boh nu awéwé), geuning boga pancén anu sakitu mulyana.


4 Komentar

4 Komentar

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Pamekar Basa

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: