Connect with us

Pikir Rangkepan

Metrum

Pikir Rangkepan

SAWAKTU-WAKTU baju téh sok dirangkep. Utamana mun kaluar peuting. Sangkan angin teu tembus, nojos kana tulang. Sabataé dijékét, haneut.

 Sarupaning nu dirangkepkeun lumrah barangna sarua. Awi jeung awi dihijikeun jadi rakit. Panjang-pondokna sarua. Mun géséh ogé sed saeutik

Pér mobil anu nahan sasis ogé bahanna tina waja rangkepan. Sanajan panjangna teu sarua ari diperenahkeun mah weweg kacida. Meunang ngitung.

Lain waé kana barang, ka jalma ogé sok dilarapkeun. Cép Udi jeung Neng Yusi geus ngarangkep. Hartina jatukrami, ngajadi hiji. Dirapalan.

Éta anu saurang-saurang. Malah anu sakaol-sakaol ogé aya rarangkepan téh. Kumpulan jalma nu boga udagan sarua dina bab pulitik gé jadi kacapangan.

 Upamana waé aya déklarasi Partéy Dudukuy Cetok rarangkepan jeung Partéy Merak Ngibing. Apan koalisi téa kasebutna. Ngahijikeun pamaksudan. Pasini.

Lamun geus pasini, badami perkara jangji. Sawadina paheut. Pengkuh dina galur. Dipahing ngolémbar. Sulaya. Cidra teu ngalaksanakeun. Udar tina tetekon.

 Ngabandungan saliwat ogé perkara rarangkepan téh geuning loba pisan gogodana. Tarahal jalan sorangeun. Nu geus puguh ngarangkep karobéda.

 Ana kieu mah tétéla kudu boga pikir rangkepan. Tong bolostrong. Aya plan A jeung plan B. Mun perelu maké pancadria kagenep. Caringcing.

 Lian ti boga pikir rangkepan kudu boga saku rangkepan deuih. Sangkan henteu kateug ngaléngkah. Bisa dadampar deui. The show must go on. ***

Continue Reading
Advertisement
Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top