Connect with us

Pamekar Basa

Raja Wales


Courtesy Komunitas Cermin

Courtesy Komunitas Cermin

R. HIDAYAT Suryalaga, pangarang naskah drama Sunda produktif, tapis pisan namperkeun sawangan Lord Acton, ngeunaan kakawasaan nu ngemu watek korupsi. Naskahna, Raja Wales, dipintonkeun ku Téater Windu di Gedong Kasenian Tasikmalaya (GKT) lima poé noron (2-7/8/2009). Disutradaraan ku Ageung S. Noor, tur dikokolakeun produksina ku Nurdin Epis Alamsyah.

Lord Acton, guru besar sajarah modérn Cambridge Inggris nu kumelendang abad 19, nembrakkeun pamanggih tur kiwari jadi kacapangan, power tends to corrupt, and absolute power corrupt absolutely. Kakawasaan téh adek jeung korupsi, kitu ogé kakawasaan nu absolut gogodana baris leuwih rohaka.

Talajak pajabat, boh politisi, pagawé negri, pangusaha, malah warga biasa, cohagna mah geus kajiret dina ulekan korupsi. Dina naskah drama basa Sunda Raja Wales, nembrak pisan. Kasebut aya tilu tokoh nu deukeut pisan jeung Raja. Taya lian, Janggalak, Janggalik, jeung Janggolék. Tiluanana katémbong kawas nu satia ngalayanan raja. Padahal, di tukangeun mah cipruk ku birahi kakawasaan, nu baris ngaruntagkeun kalungguhan raja.

Simbol nagara diréngkolkeun dina wangun suraga agung, korsi karajaan paranti ngagotong raja dina waktu upacara atawa sabot nyaba, ngaroris lembur-lembur. Wangunna sarua jeung jampana nu biasa dipanggul dina upacara 17 Agustusan. Dina éta jampana sang raja calik, dipanggul ku Janggalak, Janggalik jeung Janggolek.

Rahayat nu satia tur mikaajrih raja geus nungguan di alun-alun. Di ieu tempat pisan, rohang publik, adegan drama Raja Wales nepi kana puncakna. Estuning dramatis tur matak ngahudang rasa. Alatan sabot di jalan, geuning lumangsung kajadian-kajadian nu ngagambarkeun kasakit moral para pajabat nagara. Ieu pisan nu jadi cukang siloka nagara, sang raja wales. Gering parna.

Janggolék dipateni ku Janggalak. Nu ngagotong jampana kari duaan. Atuh puguh waé, basa indit teh jumarigjeg. Najan kitu lalampahan kudu diteruskeun. Da rahayat geus nungguan ti wanci pucuk ibunan kénéh. Sabot lumampah di jalan, Janggalak teu eureun ngatur siasah. Janggalik dipitnah, malah nyiarkeun wawar silung ka rahayat, yén raja teh geus wales, katerap kasakit nu bisa nyaliara ka bala réa. Pon kitu deui, ka raja. Janggalak nepikeun beja nu dijungkirkeun. Cindekna, Janggalak metakeun talajak politisi nu ngahalalkeun sagala cara, sangkan udaganana kahontal.

Nincak mangsana, antukna Raja ogé digulingkeun. Ngan orokaya. Teu kabéh rahayat masakat bodo katotoloyo. Aya oge geuning nu beunta. Basa Janggala ngaémbarakeun jadi gaganti raja, ku rahayat teu dipercaya. Alatan papayung nagarana geus rajét. Ramijud di ditu di dieu. Apan, tilu tetengger nagara nu digambarkeun ku Exotica, Egalia, jeung Justisia, pireu teu bisa nyoara. Mun diungkarakeun mah, boh eksekutif, boh legislatif, boh judikatif nu jadi tetengger nagara éstnuning teu karasa ketakna.

Bet ras ka jaman ordeu baru, basa partai politik ngan aya tilu. Boa-boa dina éta drama minangka siloka nu nyamuni dina tangtungan Janggalak, Janggalik, jeung Janggolék téa kitu? Asa nyurup mun dilarapkeun téh. Tapi kétang, mun dilarapkeun ka jaman kiwari ogé, jigana nurub cupu kénéh.


Lanjutkan

KAPOL

Terkait...
1 Komentar

1 Komentar

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Pamekar Basa

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: