Connect with us

Gotrasawala Dangiang Sunda Pakidulan: Ngigelan Ramatloka

Gotrasawala Dangiang Sunda

Komunitas

Gotrasawala Dangiang Sunda Pakidulan: Ngigelan Ramatloka

Ngigelan kamekaran jaman, jadi pancén nu teu parat-parat. Nu hiji kacumponan, nu lian ngadodoho. Kamonésan anyar datang. Teu eureun-eureun. Teu ngabibisani, alatan manusa mah salawasna rancagé. Najan aya kasapukan balaréa nu hirup samemehna ngeunaan hiji perkara lalaunan karempak. Jol nu anyar, sarta teu bisa dihulag. Kasapukan heubeul atawa konvénsi antukna badami jeung inovasi.

Dangiang Sunda Pakidulan (DSP) gumelar 22 Pébruari 2006. Rumaja nu keur meujeuhna buta tulang buta daging. Nyaksian pisan kumaha nerekabna ajen-inajen nu morogol. Alatan, aya lilinggeran nu teu bisa kahulag. Lalaunan nu anyar datang jadi kacapangan. Saha nu teu wanoh kana tiktok jaman kiwari? Jeung loba deui nu lian.

DSP kiwari aya di tengah jaman nu campuh jeung disrupsi. Lain waé sual gaya hirup, tapi aya nu leuwih nyindekel batan éta. Cenah kaluhungan budaya pituin, kasilih deungeun. Najan saéstuna mah lain kitu. Kamekaran teknologi digital nu rohaka, bisa jadi cukang pikeun ngawewegan kabeungharan lahir boh batin.

Disrupsi mah lain perkara anyar. Ti jaman niraksara ogé geus kajadian. Kahariwang leungiteun nu leungit. Ngabagegel. Curiga jeung inggis. Aya barang anyar nu ngaganti barang heubeul. Najan dina emprona, geus kairong bakal pikitueun. Hawu leungit, coét leungit, téténong leungit, garu leungit, sagala leungit.

Lain ngan éta wungkul, kabeungharan batin urang lembur leungit. Adat-istiadat, kasenian, kaulinan barudak, dongéng, kadaharan, nepi ka basa Sunda ogé karobéda. Teu ngabibisani, boh nu wujudna lahir boh batin muguran.

Gotrasawala Dangiang Sunda Pakidulan

Dangiang Sunda Pakidulan

Dina kondisi kawas kitu DSP gumelar, 18 taun ka tukang. Ketakna rék ngajaga harkat jeung martabat Ki Sunda. Lain bantrak-bantrakkeun, welasan taun aya kénéh dikieuna. Simpay nu kawilang pageuh. Beungkeutan nu weweg. Nuduhkeun léngkahna nu daria. Bet ras ka Ki Darya pupuhu munggaran DSP.

Geura urang nyawang mangsa ka tukang. Revolusi Industri 1.0 jadi pamiangan. Basa James Watt nyieu ‘mesin uap’ taun 1776, sagala perkara nu dipigawé ku manusa mimiti kasilih ku mesin.  Laju, taun 1845 Michael Faraday ngaluluguan téknologi listrik, basa nincak ka mangsa Révolusi Industri 2.0. Ngaronjatkeun industri lianna nu aya tumalina jeung transportasi. Komputer jadi tetengger Révolusi 3.0. Mesin bisa mikir. Révolusi 4.0 ngalengkepan tilu jaman saméméhna. Ramatloka atawa internet beuki ngalegaan ambahanana.

Sing saha waé bisa tepung jeung saha waé di mana waé iraha waé. Teu kauger ku rohang jeung waktu. Alam dunya aya dina keupeulan leungeun.

Naha DSP bakal kadéséh? Atawa malah baris leuwih nanjung?

Tangtuna waé gumantung kana ketak nu baris disarungsum. Salah sahijina, ramatloka bisa jadi cukang pikeun nanjeurkeun DSP minangka simpay nu baris ngahangkeutkeun tur ngadekkeun budaya lokal jeung jaman kiwari. Bisa waé ku jalan ngumpulkeun kabeungharan urang Sunda pakidulan tur diwadahan sangkan jadi tutungkusan data. Kumaha carana?

Cag. Urang teundeun di handeuleum sieum urang tunda di hanjuang siang paranti nyokot mindahkeun.

Tasikmalaya, 11 Januari 2024

Continue Reading
Advertisement
Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top