Connect with us

Edukasi

Imajinasi Sina Motah!


14312741

Courtesy 123rf.com

CENAH nulis téh bangga. Teu ngabibisani, najan dina pikiran mah geus teu kawadahan bahan nu rék ditulis téh, tapi barang trét rék ditulis, dadak sakala ngabigeu. Padahal ti anggalna dina pikiran téh geus pinuh, teu katadah. Tong kuméok méméh dipacok, salila can ngaréngkol ulah waka serah bongkokan.

Urang lelempeng deui panginditanana, boa can ajeg pisan niatna. Lantaran dihenteu-henteu ogé, karep nulis téh gumantung kana niat atawa motivasina.

Nya salila niatna hadé mah kudu dikeureuyeuh. Najan can ngaréngkol dina wangun tulisan ogé, dipantengkeun dina lelembutan, yén nulis téh copélna baris ngipuk urang jadi tukang mikir. Sajeroning rék nulis tangtuna urang baris mikiran naon jejerna, kumaha rarancangna, lebah mana nu baris jadi panyindekelan eusina. Ku jalan kitu pisan, nu ngarana imajinasi, pola pikir, tur kaparigelan baris ngaronjat.

Lamun téa mah urang geus bisa ngahasilkeun tulisan, lalaunan baris ngawangun tangtungan ngeunaan nu nulisna. Jadi ciri mandiri nu dipikawanoh ku balaréa. Upamana waé rék jadi kolumnis, panyajak, carponis, novelis, atawa rék manco nulis perkara nu museur kana hiji pasualan, saperti téknologi, kulinér, budaya, jeung nu lian-lian. Beuki museur eusi tulisanana, baris leuwih dipikawanoh ku balaréa nu maraca.

Nulis teu sirikna bisa ngalahirkeun arsiték. Teu rék kitu kumaha, tangtu baris ditataharkeun rangkayna sangkan mincut nu maca. Beuki remen nulis, kamahéran ngararancang rangkay tulisan baris leuwih asak. Imajinasi baris leuwih motah.

Ku jalan nulis ogé, apan urang bisa nepikeun perkara nu teu bisa diungkarakeun atawa dilisankeun. Contona waé nulis surat cinta. Kaasup nulis opini, rumahuh, malah muji ogé apan sakapeung mah sok kagok mun diucapkeun téh. Kalan-kalan mah leuwih genah ditepikeun dina wangun tulisan. Kapunjulanana nulis téh di antarana méré lolongkrang pikeun mikir, nimbang-nimbang nepi ka asak sagala perkara nu rék ditepikeun téa.

Dina mangsana, lamun geus jadi kacapangan, apan ku jalan nulis téh bisa jadi pangupa jiwa.


Lanjutkan
2 Komentar

2 Komentar

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Edukasi

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: