Connect with us

Komunitas

Keurseus Budaya Sunda


imagePASANGGIRI Mojang Jajaka (Moka), lain saukur kontés ragawi. Sanajan teu ngabibisani, tangtungan lahiriah jadi salah sahiji panyindekelan nu ngajén. Patandang kudu hadé tagog. Hadé rupa. Ditilik ti gigir lenggik ditéang ti tukang lenjang diteuteup ti hareup sieup.

Aya nu leuwih penting batan cangkang. Sahadé-hadéna kulit lamun jerona hapa mah moal aya pulungeunana. Lir tutuwuhan. Kembang nu laligar, bungbuahan nu saleger. Cangkang jeung eusi gumulung ngahiji. Lamun téa mah baruahan tapi hapa, gagal panén kasebutna.

Méh unggal taun Pasanggiri Moka lumangsung. Udaganana teu kudu dipadungdengkeun. Dina keretas, éstuning hadé pisan. Neueul kana budaya lokal. Pasanggiri Moka diancokeun pikeun kawah candradimuka nonoman Sunda nu baris jadi duta kabudayaan.

Naha udagan anu sakitu luhungna téh geus kahontal?

Talingakeun waé ketakna. Réngkolna ngokolakeun pasanggiri, ti mimiti tatahar, lumangsung, tug lajuning laku satutas lekasan. Tangtu baris kapaluruh. Kumaha bagal konsép nu jadi babon pikeun ngawewegan tangtungan nonoman Sunda.

Teu saeutik nu kamandangna silung. Cenah pasanggiri moka téh ngoléang. Teu adek titincakanana. Antukna taya bédana jeung pasanggiri modél nu ceuyah tur jadi kacapangan para rumaja. Pasanggiri Moka ngan saukur cangkang, ari eusina mah teu bina waé jeung kontés pésen.

Pamadegan kawas kitu, geus aya nu nembrakkeun ti béh ditu kénéh. Jeung deuih diaku ku salah saurang alumni Pasanggiri Moka taun 2005, Cévi Imam Nugraha. “Ieu pisan nu janten kahariwang simkuring saparakanca,” pokna.

Paguyuban Mojang jeung Jajaka, nu ngawadahan para patandang ti taun ka taun, kawilang can ajeg. Program gawé nu diréngkolkeun can bisa ngigelan udagan nu dipiharep ti para nonoman pinunjul, nu kapeto jadi duta budaya.

Anggapan silung ngeunaan Pasanggiri Moka, cék Cévi, kudu jadi pamiangan pikeun bebenah. Diundeur hikmahna. Tong leutik haté. Komo nepi ka kuméok méméh dipacok mah.

Kiwari baris aya léngkah pikeun ngawewegan paguyuban moka nu enggeus-enggeus. “Taun ayeuna mah digentos janten Ikatan Mojang Jajaka (Imoka),” cék PPTK Pasanggiri Mojang Jajaka Kota Tasikmalaya 2014, Andri Chandiaman.

Saenyana lamun dikokolakeun kalawan daria, Imoka atawa Simpay Mojang Jajaka (Simoka), baris jadi pamiangan pikeun nyarungsum léngkah nu strategis. Di dieu pisan keurseus budaya Sunda nu ngaharib-harib kana akademi komunitas bisa dihucuhkeun.

Malah bisa jadi kamalir nu permanén pikeun ngokolakeun Pasanggiri Moka unggal taun. Modél akademi komunitas nu dikokolakeun ku Simoka bisa ngumpulkeun nonoman nu haat kana budaya Sunda. Laju diwewegan pangaweruhna ku jalan keurseus budaya Sunda téa. Minangka hajat samen, diilukeun dina Pasanggiri Moka, maneuh sataun sakali.

Lalaunan. Kudu bisa. Pasti bisa.

Posted from WordPress for Android


Lanjutkan

KAPOL

Terkait...
Komentari

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Komunitas

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: