Connect with us

Titimangsa

Miéling Basa Indung



GEUS jadi kacapangan dina wangkongan sapopoé, di alam pangimpian, cumarita hamo pukah jeung basa indung. Najan parigel nyarita dina basa séjén, angger waé keur ngimpi mah ngomong maké basa Sunda. Sok dipaké heureuy éta caritaan kitu téh.

Munasabah. Apan cék sakaol, basa munggaran nu diajarkeun ti barang gubrag ka alam dunya, taya lian basa nu biasa dipaké di hiji wewengkon atawa basa daérah. Lamun urang Sunda, nya ilaharna mah maké basa Sunda.

Teu ngabibisani éta ogé sok aya waé anu minculak. Di imah maké basa Indonésia. Malah teu saeutik ogé nu cas-cis-cus maké basa Inggris. Komo deui jaman kiwari mah sagala perkara ogé geus nalembrak. Pangaruh budaya deungeun geus teu bisa dipinding-pinding deui.

Idéntitas hiji kaum gampang pisan karobéda. Pikahariwangeun. Dina émprona teu saeutik basa lokal anu geus taya dikieuna. Kabeungharan kecap (diksi) basa Sunda ogé apan morogol. Loba nu laleungitan, alatan tara dipaké ku jalan dikedalkeun dina hirup kumbuh sapopoé.

Kungsi aya panalungtikan, di Indonesia aya 742 basa daérah. Tina sakitu, 50 di antarana hirup teu neut paéh teu hos alias sakarat. Lamun teu dipulasara tangtu baris palastra. Ahli naskah kuna ti Universitas Indonesia, Edi Setyawati nembrakkeun kaayaan basa lokal nu nogéncang. Pikamelangeun.

Ditétélakeun di Papua, copélna aya salapan basa daérah nu palastra, alatan nu makéna kurang ti 500 urang. Éta ogé geus karolot. Mun téa mah tilar dunya, hartina basana ogé baris tumpur.

Globalisasi jeung modernisasi dituding jadi ulon-ulon. Hésé dibendung. Ku kituna, United Nations of Educational Scientific, and Cultural Organization (Unesco) antukna netepkeun ti wangkid 19 Pebruari 1999, saalam dunya diperedih miéling basa indung. Kasebutna, International Mother Language Day téa.

Poé Basa Indung dipiharep baris numuwuhkeun sikep bangsa anu gumulung ngahiji najan séwang-séwangan miboga budaya nu béda. Surti papada sékésélér nu sakitu lobana. Minangka tanda kabeungharan hiji bangsa nu jembar.

Basa Nasional kudu dijaga darajatna, basa daérah kudu dipiara, bari basa deungeun gé kudu bisa. Kaparigelan maké basa deungeun pikeun nuduhkeun budaya teu bisa dikasta-kasta. Hirup reureujeungan kalawan satata.

Wilujeng miéling Basa Indung.***


Lanjutkan
Komentari

Komentari

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Titimangsa

Ke Atas
%d blogger menyukai ini: