Connect with us

Pamekar Basa

Naon

warungKEUR nyebrét panas poé. Nyimpang di warung Si Abah. Maksud téh rék meruhkeun rasa hanaang. Reg eureun, jrut turun. Pesen dawegan tujuh. Lima jang kuring jeung batur samobil, dua deui jang sobat nu tepung di jalan.

Hawa panas, basisir Batuhiu Pangandaran ngadadak liuh. Lain ku alatan dawegan, tapi ku wangkongan jeung Si Abah nu ngaguluyur, ti wangkid kuring saparakanca datang. Najan jejer wangkongan sabulangbéntor ka ditu ka dieu, tapi aya nu bisa ditamperkeun.

Ieu pisan nu jadi cukang lantaran, hawa basisir wanci manceran teh dadak sakala nyecep.

“Umur Abah téh geus meuntas tina jatah Rosul. Geus meunang bonus limawelas taun. Pokona mah umur Abah mun diitung-itung téh leuwih ti 75 taun,” pokna.

Najan kitu, katémbongna mah cangker tur jagjag waringkas. “Naon palakiahna pangna bisa kitu?” cek Abur, mahasiswa jurusan pulitik di hiji Paguron Luhur.

“Ah, nu penting mah ngalakonan hirup kalawan senang waé. Tong loba rumahuh,” cenah. Mun cék basa barudak kiwari mah meureun tong ‘galau’ téa. Da cenah, nu ngaranna hirup mah cék Si Abah gumantung ka nu ngalakonan. Rék dijieun susah nya susah, rék dijieun senang nya senang.

Sabulangbéntor waé ngobrol téh. Ruwal-rawél ka ditu ka dieu. Perkara pulitik ogé kasabet. Sual Pilkada Gubernur ogé kabahas ku Si Abah. “Geus sababaraha ganti pamingpin angger waé teu karasa ku Abah mah,” pokna bari angger ngagakgak.

Nu pangnenggelna mah si Abah ditalék sual surga jeung naraka ku Ai Boy, pamuda belekesenteng urang Parigi. “Mun téa mah Abah asup ka naraka, rék kumaha pipetaeun?”

“Ah, nya tarima waé. Mana kitu ogé meureun geus puguh balitunganana. Nu matak nanaon ogé alatan milampah  nanaon,” Si Abah beuki ngagakgak. Gagah naker.***

Continue Reading
Advertisement
Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top