Connect with us

Pamekar Basa

Pangbérokan

ASMURIL (36) ngaringkuk di pangbérokan. Sacongo buuk ogé teu nyangka, bakal mondok di rohang nu néros tur heureut. Panonna neuteup ngoléang ka hareup.

Asmuril teu tamat SD-SD acan. Pikiranana polos. Saenyana hémeng nataku. Bet bisa dipanjara kawas ayeuna.

Inget basa keur leumpang di hiji gang aya nu dibangsatkeun. Tadina lumpat sotéh, niatna rék ngilu ngaberik. Geuning, antukna mah bet manehna nu diudag-udag téh. Nya barengep, nya dikerem.

“Moal kitu, alatan kuring remen ngérésékan sangu bungkus ti warung Pa Haji,” gerentesna. “Atawa pédah sok meuncit hayam batur, laju dihakan ku uing. Atawa lantaran kungsi ngarawél popoéan warga nu imahna sok kaliwatan, kitu?” Asmuril galécok sorangan.

Geuning di dinya téh lain sorangan. Aya Astahiam, pamuda pangangguran. Cenah sok ceceremed. Si Sadut tukang mabok. Saurang deui Si Juma neunggeul jelema sabot kapelengkok maling sendal. Beungeutna balencenur.

Asmuril pasrah. Rumasa. Pangpangna rumasa jadi jalma masakat. Ceceremed sotéh alatan teu walakaya. Beuteung teu bisa disabaran. Rumasa alatan jadi korban kaayaan. Narima diperenahkeun di pangbérokan nu néros tur heureut.

Béda jeung di Pondok Bambu. Apan kungsi jadi kacapangan gunem catur balaréa. Aya Artalita nu laluasa didangdanan salon. Tempatna éstuning pikabetaheun. Najan sarua kasebutna pangbérokan.

Posted from WordPress for Android

Continue Reading
Advertisement
1 Comment

1 Comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top