Connect with us
Gelas METRUM

Metrum

Perkara Ngaran

TEU kaimpleng pisakumahaeun aga-eugeuna, lamun unggal jalma teu bogaeun ngaran. Jigana mah moal aya nu disebut polah komunikasi téh. Da puguh euweuh kecap nu bisa dipaké pakakas pikeun wawanohan. Apan geus jadi wét babon, ngawanohkeun manéh nu disebut munggaran téh ngaran.

Meureun nu matak aya KTP ogé, alatan ngaran téh mutuh pentingna. Lamun seug téa mah hiji jalma nu keur lumampah keuna ku musibah nepi ka tilar dunya di hiji rumah sakit. Nu mimiti dipapaykeun téh tangtuna ogé idéntitasna.

Saha jeung urang mana?

Lamun kabeneran inyana boga kartu tanda penduduk, tinangtu baris ditepikeun ka kulawargana. Tapi sabalikna, upama teu boga mah kapaksa inyana kudu nyangking stateus korban tak dikenal alias John Doe. Ngaran fiktif.

Ngaran mémang jadi tanda pikeun unggal mahluk, barang, aktivitas, éntitas, jeung kajadian di ieu alam dunya. Dina hirup kumbuh sapopoé aya kecap nu babari dikantétkeun jeung barangna. Cék ahli basa mah kasebutna kecap nyata atawa kongkrit.

Nya éta nu katara tur bisa dirarasakeun beuleugeunjeurna. Di sagigireun éta aya ogé nu disebut kecap abstrak, kecap nu henteu maujud dina wangun barang nyata. Nu ngan ukur bisa didongkang ku alam pikiran.

Ari ngaran jalma, saperti Si Péhul, Mang Juha, Jang Samsul, Bi Jumsi, Cép Usman, jeung sajabana asup kana golongan nu mana? Naha asup ka nu kongkrit atawa nu abstrak?

Écés. Kakolomkeun ka nu kongkrit. Lantaran bisa dikaitkeun ka jalma nu boga ngaran téa. Janggélékna bisa ditempo. Dirampa kalawan tétéla. Kajeueung ciri-ciri lahiriahna. Warna kulit, irung, panon, buuk, nepi ka bubuk leutikna.

Tapi ngaran ogé bisa kakolomkeun kecap nu abstrak. Ngaran ngandung siloka. Aya nu nyamuni di satukangeun ngaran. Ngemu simbol-simbol nu kudu diteuleuman. Silib.

Nu jadi kolot hamo méré ngaran sagawayah ka budakna. Ti barang utun inji aya di alam rahim ogé ngaran budak mah tangtu geus dipikiran. Dicipta-cipta. Tétéla pisan, tina ngaran téh indung-bapa geus neundeun harepan ka hareupna.

Tapi dina emprona aya ogé nu ngaganti ngaran di tengah jalan. Alesanana rupa-rupa. Bisa demi hoki, alatan usahana apes waé. Upamana Péhul jadi Paul, Samsul jadi Samson.

Aya ogé nu ganti ngaran pikeun mindingan kalakuanana. Di tempat hiburan nu cipruk ku birahi, teu saeutik nu maké ngaran sandiasama. Icih jadi Iceu, Kokom jadi Keukeu. Kabéh ngaran palsu. Jijieunan.

Komo ayeuna mah jaman médsos. Pseudoname pabalatak. Loba akun nu nyumput. Acan deuih aya deui nu matak muringkak. Hasil investigasi Reuters nétélakeun aya akun mesin nu teu bisa dibédakeun antara nyata jeung ilusi. Bisa nulis malah bisa nyarita sorangan.

Filsuf Yunani, Socrates kungsi nyarita, ngaran téh kudu luyu jeung sipat-sipat nu nyoko ka nu dibéré ngaran. Pon kitu deui ceuk muridna, Plato, yén antara ngaran jeung barangna téh aya hubungan batin. Nu jadi pasualan keur Plato, naha méré ngaran kana hiji barang atawa perkara téh ku cara sakawenang-wenang atawa dumasar kana kasapukan balaréa?

Muridna Plato, Aristotéles mairan. Yén saenyana mah méré ngaran téh dumasar kana kasapukan. Munasabah upama hiji ngaran, kalan-kalan mah bisa dipaluruh asal-usulna. Di antarana waé asbabunujul ngaran lembur atawa toponim. Lembur kuring Indihiang, tangtu aya caritana. Ana kieu mah kudu disusul tepus atuh nya?

Éta sugan?

Diskusi di Facebook

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

The NextDev Talent Scouting dan The NextDev Academy 2020 Arena Inovasi Digital pada Masa Penuh Tantangan bit.ly/2JbZYG6

About 28 minutes ago from Duddy RS | Solilokui's Twitter via IFTTT

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top