Connect with us

Sapédah Gunung, Motor, jeung Gerakan

DIARY

Sapédah Gunung, Motor, jeung Gerakan

KARÉTA mesin, lain saukur mesin. Tapi nembrakkeun palasipah kasaimbangan. Ceuk sakaol taya deui jalan pikeun ngajaga kasaimbangan iwal ti terus usik. Gerak.

Salahsahaji hadiah “Jalan Séhat” Milangkala ka-4 Kabupatén Pangandaran, sapédah gunung, ngécéskeun hiji ajaran.

Kasaimbangan téh siloka séhat lahir tumekaning batin. Ngagolang karéta mesin, usik ngalalana, ngambah kahirupan.

Pon kitu deui:

NGIRING bingah. Wilujeng anu kasinugrahan hadiah motor “Jalan Sehat” dina raraga Milangkala ka-4 Kabupaten Pangandaran alpukah H.U. Kabar Priangan (Grup Pikiran Rakyat), BJB (bank jabar), Pemkab Pangandaran, di Alun-alun Parigi, Ahad (16/10/2016).

Hatur nuhun ka sadaya anu ngarojong lumangsungna ieu acara dugi ka parat kalawan lulus banglus. Ais pangampih KP di Pangandaran, rahayu! Sakarep sapaneuleuan. Hususna ka Jerry, teu hilap Agus Kusnadi, sareng Andi Nuroni.

Continue Reading
Advertisement
Click to comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top