Connect with us

Metrum

Sireum

60102_4316769369242_802851822_nWANCI sareureuh budak, mindahkeun saung téh. Ti tempat saméméhna di Jl. Letjen H. Ibrahim Adjie 164. Lain pagawéan énténg. Geura timbang waé, rangkay saung tina awi, mangkintal-kintal beuratna. Mun dipanggul téh orokaya. Matak pateuh tulang tonggong.

 

Antukna dicoplokan unggal bagéan. Dipurutulan hareupna, tihang-tihang nu kénca jeung katuhu, katut hateupna. Tukangna mah teu kudu. Da puguh molongpong, nyambung jeung gedong luhureun got, ukuran 4 x 12 m2.

 

Saliwat, dulur-dulur nu tihothat mémérés tempat téh kawas “Tim Bedah Rumah” nu kungsi disiarkeun ku TV swasta. Bédana téh, ieu mah teu maké saragam. Baju saayana. Malah mah ngaharib-harib ka asal rap waé. Bubuhan rék digawé. Keur mah eukeur peuting. Sabataé moal aya nu nalingakeun.

 

Lian ti teu maké saragam téh, pangawakanana ogé umumna mah careking. Ukur Bimbim jeung Efis nu katémbong busekel téh. Nu séjénna mah, Dona, Ato, Wildan, Indra, Nuhria, jeung Johan awakna nyalempring. Ipis. Asa melang lamun angkat jungjung téh. Euweuh cupat pikeun ngangkat rangkay saung nu geus dibongkar téa.

 

Ngan teuing, aya nu nitis ti mana, nu awakna aripis téh dadak sakala jadi baredas. Justru Bimbim jeung Efis nu teu ilubiung dina urusan ngangkat jeung ngangkut mah. Da Bimbim boga pancén séjén, nyaéta ngatur motor jeung mobil nu lalar-liwat. Malum, sisi jalan provinsi téa. Ramé.

 

Kira-kira tabuh sapuluh peuting, poé Jumaah (5/10), Tim Bedah Saung mimiti ngageuleuyeung. Mindahkeun rangkay saung. Mimitina mah ukey-ukeyan, kawas nu ripuh. Lalaunan, lir aya tanaga nu nitis. Teu sakara-kara. Teuing pédah geus biasa jadi stage crew jeung aktor dina sababaraha pintonan téater.

 

Arinyana ngeureuyeuh. Dihanca hiji-hiji. Nepi ka antukna saung bisa diadegkeun deui hareupeun imah kuring. Mémang saheulaanan mah paburantak kénéh. Loba nu can merenah. Keun waé lalaunan rék dibebenah. Nu penting mah, peuting harita geus bisa ngundeur hikmah. Sireum waé apan bisa gotong royong, silih deudeul. Piraku waé jelema teu bisa. Era atuh!***

Continue Reading
Advertisement
Advertisement
Advertisement WordPress.com
To Top